Sabtu, September 23, 2023

Ngawitan

Oleh Lisda Nurul Fadilah

Mapag kana kaasih Gusti
Muji syukur ka Mantenna
Sanajan kabungah sok paamprok jonghok jeung kapeurih
Kanyaah Gusti mah moal pahili

Tina udagna urang
miang dikawitan tina impenan
Ti lemah cai teras ngawang-ngawang
Ngaprak ngapung muru bentang

Geus waktuna kuring ngaléngkah
Ngajul hareupan anu can kungsi kadongkang
Léngkah kuring dituturkeun ku pangdu’a kolot
Sabab du’a teh nguatkeun sagala

Gusti, paparin kabungah tebihkeun kasusah
Kuring uninga wanci di dunya teh moal lila
Miharep janten jalmi mangpaat
Satungtung dunya, salawasna akherat

Penulis merupakan kader IPPNU Kota Tasikmalaya.

Baca Juga

Stay Connected

0FansSuka
20PengikutMengikuti
0PelangganBerlangganan
- Advertisement -

Latest Articles